Yakobus 3

3:1 Dulur-dulur, ulah harayang jadi guru sarerea. Pan aruninga, guru mah ari geus disalahkeun teh mani pohara, disalahkeunana teh leuwih-leuwih ti nu sejen.
3:2 Urang, sarerea oge remen nyieun kasalahan. Jadi mun aya anu tacan sakali-kali acan nyieun kasalahan tina omonganana, tetela jalma sampurna, bisa ngawasaan sakujur dirina.
3:3 Kuda supaya nurut ka mana karep urang, sungutna dikadalian.
3:4 Kapal ku sabab gede, majuna kudu ku angin gede, tapi bisa diatur ku kamudi anu kacida leutikna nurutkeun kahayang jurumudi.
3:5 Letah oge nya kitu, sakitu lembutna, bet bisa dipake nyombongkeun diri ku perkara-perkara anu galede. Cipta, sakumaha gedena leuweung bisa disina kahuruan ku seuneu anu leutik!
3:6 Ayeuna letah. Letah saperti seuneu. Eta teh dunya kajahatan nu aya dina awak urang, nyebarkeun racun jahat kana sakujur badan, sarta nimbulkeun seuneu ti naraka pisan, ngahuru kaayaan hirup urang sagemblengna.
3:7 Manusa bisa, jeung enggeus ngalilindeuk mahluk-mahluk sejen, sato galak, manuk, sato anu ngarayap, jeung lauk.
3:8 Tapi teu aya saurang-urang acan anu bisa meruhkeun letah. Letah mah nya jahat nya mangprung teu bisa dipegung, racun anu kacida matihna.
3:9 Ku urang sok dipake muji sukur ongkoh ka Gusti jeung Rama urang, tapi sok dipake oge nyumpahan ka sasama manusa anu dijadikeunana ngala kana kanyataan Allah.
3:10 Boh pamuji sukur, boh panyapa, bijilna tina sungut anu eta keneh. Tapi urang mah ulah kitu dulur-dulur!
3:11 Teu aya cinyusu anu ngaburialkeun cai tawar ongkoh cai pait ongkoh tina liang eta-eta keneh.
3:12 Tangkal kondang moal buahan jetun, tangkal anggur moal buahan kondang, cinyusu asin moal ngabijilkeun cai tawar.
3:13 Kumaha di dieu aya anu bijaksana jeung berbudi? Buktikeun kituh ku lampah nu hade, ku panggawe anu hade, dibarengan ku rendah hate jeung lantip bijaksana.
3:14 Sabalikna, anu dengkian, nyerian hate, mentingkeun maneh, ulah ngagulkeun maneh bijaksana, sabab lamun kitu mah dosa sarta lalawanan jeung nu bener.
3:15 Kabijaksanaan saperti kitu mah asalna lain ti sawarga, tapi ti dunya, tina hawa napsu, ti nu jahat.
3:16 Karana di mana aya sipat dengki jeung sipat mentingkeun maneh, tangtu ngusutkeun jeung nyieun rupa-rupa kajahatan.
3:17 Ari kabijaksanaan nu ti sawarga mah estuning pangmulus-mulusna, resep rapih, amis budi, sareseh, karunyaan, buahna teh harade kabeh, taya curiga ka batur, taya sipat pura-pura.
3:18 Binih karapihan pelak jalma anu cinta kana karapihan mah buahna teh kahadean.

Comments