Jabur 31
31:1 Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud.
31:2 Abdi dongkap bade nyalindung, nun PANGERAN, bade nyuhunkeun ulah dugi ka eleh. Gusti teh Allah nu adil, mugi kersa nyalametkeun abdi.
31:3 Dangukeun! Enggal abdi tulungan! Sing kersa disalindungan, sing kersa dipuntangan. Salametkeun abdi.
31:4 Gusti teh benteng panyalindungan. Tuyun abdi, tungtun, sakumaha jangji Gusti.
31:5 Tebihkeun tina tataheunan musuh, tangtayungan tina pibahlaeun.
31:6 Abdi masrahkeun diri kana pangrawat Gusti. Gusti tangtos kersa nyalametkeun, Gusti teh Allah nu satia.
31:7 Gusti ijid ka nu nyembah ka brahala, ngan abdi mah percaya teh ka Gusti.
31:8 Tangtos abdi bingah, bagja ku kaasih Gusti Gusti tingali yen abdi teh sangsara, uninga yen abdi teh keur susah.
31:9 Gusti teu ngantep abdi beunang ku musuh, dibebaskeun, laluasa tiasa ka mana-mana.
31:10 Sing hawatos ka abdi nu kasesahan, nun PANGERAN, panon carindul balas ceurik awak parantos teu walakaya.
31:11 Tanaga koredas seep ku susah, umur jadi singget balas ceurik. Awak lungse dikurubut ku kasusah ka tulang-tulang jadi raropoh.
31:12 Ku musuh, malah ku tatangga pisan pada ngahina. Nu warawuheun ge jadi sarieuneun, mun pareng naringal abdi di pasampangan, mani geuwat ngararejat.
31:13 Ngaranggapna ka abdi cara ka nu geus maot, abdi pada mopohokeun kawas barang anu parantos dipiceun.
31:14 Kakuping musuh-musuh abdi tinggerendeng, di mana-mana mung pikasieun bae. Maranehna baroga karep jahat bade maehan abdi.
31:15 Nanging abdi percaya ka Gusti, nun PANGERAN, Gusti teh Allah abdi.
31:16 Abdi salamina aya dina panalingaan Gusti, luputkeun abdi ti musuh-musuh, ti jalma-jalma anu ngarudag.
31:17 Sing hawatos ka abdi Gusti, mugi kersa mikaasih, kersa nyalametkeun abdi.
31:18 Mugi abdi ulah diantep diera-era. Kitu panyambat abdi, nun PANGERAN. Sawangsulna musuh anu kedah meunang era, sina rarepeh tarurun ka dunyana nu paraeh.
31:19 Sina baralem tukang-tukang bohong teh, nu sarombong, nu aradigung, purah ngahina jalma-jalma anu satemenna.
31:20 Estu araheng kasaean-kasaean Gusti, anu disayagikeun pikeun jalmi-jalmi anu alajrih ka Gusti! Sadayana ge tarerangeun kumaha saena Gusti teh, kumaha leres-leresna Gusti nangtayungan ka jalmi-jalmi anu maruntangan.
31:21 Maranehna aman disumputkeun dina aub-aub Gusti, aman tina pangarah jalma-jalma jahat, ku Gusti disingkurkeun, tebih tina panghina musuh-musuhna.
31:22 Puji PANGERAN! Estu aheng asih-Na ka kaula waktu kaula keur dikepung jeung ditarajang ku musuh.
31:23 Kaula geus sieun, sarta ceuk pikiran kaula teh geus diusir ti payuneuna-Na. Tapi geuning Mantenna kersaeun ngadangu waktu kaula nyambat pitulung-Na.
31:24 Sing nyaraah ka PANGERAN, he sakabeh umat nu saratia! PANGERAN ngaraksa ka nu satuhu, tapi ngahukum ka nu arangkuh ku hukuman nu satimpal.
31:25 Sing teguh, sing parengkuh hate, he sakur nu ngaharep ka PANGERAN!

Comments
Post a Comment