Yeheskel 15

15:1 PANGERAN nimbalan ka kaula.
15:2 "Eh anak manusa," timbalana-Na, "naon bedana areuy anggur jeung tangkal kai? Naon leuwihna dahan tina tangkal anggur ti kai-kai leuweung?
15:3 Bisa eta teh dijieun jadi hiji barang? Bisa dijieun gantungan upamana, paragi ngagantungkeun parabot?
15:4 Alus keur nyieun seuneu wungkul. Lamun tungtung-tungtungna geus beak kabeuleum jeung tengahna geus jadi seuneu, na bisa dipake juan-jieun?
15:5 Keur memeh kaduruk geus teu bisa dipake naon-naon, komo lamun geus tutung, moal bisa kapake naon-naon."
15:6 Ku sabab eta, kieu sabda PANGERAN Nu Maha Agung: "Ibarat tangkal anggur diala ti leuweung tuluy diduruk, jelema-jelema nu araya di Yerusalem ku Kami rek dicokot,
15:7 sarta tuluy dihukum. Maranehna kungsi luput tina seuneu. Tapi ku seuneu anu ayeuna mah pasti beak kaduruk. Waktu maranehna keur dihukum kitu bakal tetela ka maneh yen Kami teh PANGERAN.
15:8 Maranehna geus miceun Kami. Ku sabab kitu ieu kota ku Kami rek dijieun leuweung." Kitu timbalan PANGERAN.

Comments