Kajadian 7

7:1 Ngandika PANGERAN ka Enoh, "Maneh sakulawarga, geura arasup ka kapal. Ku Kami geus kanyahoan, ngan maneh jelema di ieu dunya anu bener kalakuan.
7:2 Bawa ka kapal saban rupa golongan sato, anu halal masing-masing tujuh jodo, anu haram sajodo-sajodo bae.
7:3 Oge saban rupa golongan manuk masing-masing tujuh jodo. Pek geura pigawe, sangkan eta bangsa sato jeung manuk anu sakitu teh karaksa hirupna, geusan bibit ka hareup.
7:4 Tujuh poe deui Kami rek nurunkeun hujan lilana opat puluh poe opat puluh peuting, rek dipake numpes sakur anu kumelip jijieunan Kami."
7:5 Eta sagala timbalan PANGERAN teh ku Enoh dijalankeun.
7:6 Dina waktu der caah, yuswa Enoh geus genep ratus taun.
7:7 Anjeunna, geureuhana, putra-putrana jeung mantu-mantuna, arunggah ka kapal nyingkahan caah.
7:8 Sasatoan, manuk, nu haram, nu halal, masing-masing hiji jalu hiji bikang ti saban golongan,
7:9 arasup jeung Enoh ka kapal, sakumaha anu ditimbalkeun ku Allah.
7:10 Tujuh poe ti harita caah geus mimiti der.
7:11 Nincak kana genep ratus taun yuswa Enoh, dina tanggal tujuh belas, bulan kadua, sungapan-sungapan cai anu rongkah di jero taneuh, kabeh mararudal tingburial, lawang-lawang cai di langit kabeh maruka,
7:12 breg hujan turun ka bumi, opat puluh poe opat puluh peuting.
7:13 Poe eta keneh Enoh, geureuhana, tilu putrana nya eta Sem, Ham, jeung Yapet, jeung bojo-bojona, arunggah ka kapal.
7:14 Dibarengan ku sasatoan, sato ingu, sato leuweung, nu gede, nu leutik, manuk, masing-masing ti saban golongan.
7:15 Ti saban golongan mahluk anu kumelip, masing-masing hiji jalu hiji bikang, arasup jeung Enoh ka kapal,
7:16 sakumaha anu ditimbalkeun ku Allah. Geus kitu panto kapal teh ditutup ku PANGERAN.
7:17 Caah lumangsung terus nepi ka opat puluh poe. Cai geus ngaluhuran, geus kuateun ngampulkeun eta kapal nepi ka ngambang.
7:18 Cai terus beuki luhur, soloyong eta kapal maju.
7:19 Cai geus kacida luhurna, mani geus laput gunung-gunung anu pangluhurna,
7:20 tapi masih naek keneh bae, nepi ka tujuh meter luhurna ti puncak-puncak gunung.
7:21 Sakur mahluk nu kumelip di bumi, manuk, sato, jelema, kabeh tiwas.
7:22 Tiap mahluk bumi nu boga ambekan, paeh.
7:23 Tiap mahluk anu kumelip di bumi, manusa, sato, manuk, kabeh ku PANGERAN dibasmi. Anu dikarikeun hirup ngan Enoh jeung anu marilu ka anjeunna ka kapal.
7:24 Cai henteu orot-orot nepi ka saratus lima puluh poe lilana.

Comments