Kajadian 6

6:1 Manusa geus mencar ka mana-mana, sarta barudak awewe geus lalahir.
6:2 Aya sawatara urang putra-putra surgawi anu barogoheun ka eta barudak awewe, kawantu gareulis. Tuluy bae nyarokot hiji sewang, sakabogohna-sakabogohna.
6:3 Ngandika PANGERAN, "Jelema-jelema teh ku Kami moal sina hirup sapapanjangna. Kabehanana sipat pipaeheun. Ti semet ayeuna umurna moal sina leuwih ti 120 taun."
6:4 Di jaman eta, malah sanggeus jaman eta oge, di ieu bumi teh loba jelema raksasa, turunan manusa awewe jeung putra-putra surgawi tea. Eta raksasa-raksasa teh baheula jaradi jelema anu kacida garagahna tur kamashur.
6:5 Ana PANGERAN uninga yen tiap manusa di dunya geus sakitu jarahatna, sarta pipikiranana salawasna pohara kalotorna,
6:6 Mantenna ngaraos hanjakal geus ngadamel sarta merenahkeun maranehna di bumi. Ku hanjakal-hanjakalna,
6:7 Mantenna ngalahir kieu, "Eta umat ciptaan Kami teh mending dibasmi ku Kami, kitu deui sasatoan jeung manuk. Kami hanjakal geus nyieun maranehanana."
6:8 Tapi ari ka Enoh mah PANGERAN misuka.
6:9-10 Ieu carita Enoh. Anjeunna kagungan tilu putra, Sem, Ham jeung Yapet. Di jaman anjeunna harita, ngan anjeunna jelema nu hade teh. Hirupna rumaket ka Allah.
6:11 Salian ti anjeunna mah kabeh oge goreng katingalina ku Allah, katelengesanana geus sumebar ka mana-mana.
6:12 Dunya teh ku Allah diteuteup, tetela geus ruksak, kawantu kalakuan jelema-jelemana geus raruksak kabeh.
6:13 Ngandika Allah ka Enoh, "Kami geus nyieun putusan, jelema teh kabeh rek dianggeuskeun umurna. Rek ditumpes sama sakali, sabab dunya teh geus dedet ku kalakuan maranehanana anu telenges.
6:14 Maneh kudu nyieun kapal tina kai kibeusi, kamar-kamarkeun, lampudan luar jerona ku ter.
6:15 Ukuran panjangna eta kapal 133 meter, rubakna 22 meter, luhurna 13 meter.
6:16 Kudu make hateup, jeung sisi-sisina bere antara 44 sentimeter. Jieun tilu umpakan, sisina pantoan.
6:17 Ieu bumi ku Kami arek dibasmi ku caah. Sakur mahluk anu kumelip arek ditumpes.
6:18 Tapi ka maneh mah Kami seja mere jangji. Maneh saanak pamajikan jeung minantu-minantu, kudu asup ka eta kapal.
6:19-20 Bawa deuih saban rupa golongan sasatoan, masing-masing hiji jaluna, hiji bikangna; kitu keneh manuk, supaya karaksa.
6:21 Bebekelan ulah kari, keur maneh jeung sasatoan."
6:22 Eta timbalan Allah ku Enoh dijalankeun.

Comments