Kajadian 5

5:1 Ieu daptar turunan Adam. (Allah midamelna manusa teh numutkeun kumaha rupi Mantenna.
5:2 Dipidamelna lalaki jeung awewe. Ku Mantenna diberkahan, jeung dingaranan "Manusa".)
5:3 Sanggeus yuswana 130 taun, kenging putra, anu rupina siga anjeunna, dijenenganan Set.
5:4 Ti semet eta, Adam masih jumeneng keneh 800 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
5:5 Pupusna dina yuswa 930 taun.
5:6 Set, sanggeus yuswana 105 taun, kenging putra Enos.
5:7 Ti semet eta jumeneng keneh 807 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
5:8 Pupusna dina yuswa 912 taun.
5:9 Enos sanggeus yuswana 90 taun kenging putra, Kenan.
5:10 Ti semet eta jumeneng keneh 815 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
5:11 Pupusna dina yuswa 905 taun.
5:12 Kenan, sanggeus yuswana 70 taun kenging putra, Mahalalel.
5:13 Ti semet eta jumeneng keneh 840 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
5:14 Pupusna dina yuswa 910 taun.
5:15 Mahalalel, sanggeus yuswana 65 taun kenging putra, Yared.
5:16 Ti semet eta jumeneng keneh 830 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
5:17 Pupusna dina yuswa 895 taun.
5:18 Yared, sanggeus yuswana 162 taun kenging putra, Hanok.
5:19 Ti semet eta jumeneng keneh 800 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
5:20 Pupusna dina yuswa 962 taun.
5:21 Hanok, sanggeus yuswana 65 taun, kenging putra, Metusalah.
5:22 Ti semet eta jumeneng keneh 300 taun, ibadah ruket jeung Allah, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
5:23 Yuswana nepi ka 365 taun.
5:24 Sapanjang jumenengna raraketan jeung Allah, geus kitu gaib, karana dicandak ku Allah.
5:25 Metusalah, sanggeus yuswana 187 taun kenging putra, Lamek.
5:26 Ti semet eta jumeneng keneh 782 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
5:27 Pupusna dina yuswa 969 taun.
5:28 Lamek, sanggeus yuswana 182 taun kenging putra.
5:29 Pok misaur, "Ieu budak bakal ngajait urang tina gawe beurat migawe taneuh anu geus keuna ku panyapa PANGERAN." Ku sabab eta, putrana teh dijenenganan Enoh.
5:30 Ti semet eta Lamek jumeneng keneh 595 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.
5:31 Pupusna dina yuswa 777 taun.
5:32 Enoh, sanggeus yuswana 500 taun kenging putra tilu: Sem, Ham jeung Yapet.

Comments