Kajadian 2

2:1 Ku kituna jagat raya jadi lengkep sampurna.
2:2 Dina poe nu katujuh, Allah liren tina sagala padamelana-Na sabab geus rengse.
2:3 Poe nu katujuh teh ku Mantenna diberkahan tur diiwalkeun ti poe-poe sejenna, lantaran dina poe eta Mantenna geus nyampurnakeun sagala padamelan ciciptan-Na sarta terus reureuh.
2:4 Kitu hal dijadikeunana jagat raya teh. Waktu langit jeung bumi keur dipidamel keneh ku GUSTI Allah,
2:5 di bumi can aya pepelakan, can aya binih nu jadi, lantaran Mantenna teu acan nurunkeun hujan, tanah tacan aya nu ngolah, lantaran can aya jelema.
2:6 Kakara aya cai anu kaluar ti jero taneuh, ngabaseuhan beungeut bumi.
2:7 Ari manusa, dipidamelna ku GUSTI Allah teh nya eta tina taneuh. Sanggeus diwangun mangrupa jelema, tuluy ditiupkeun napas anu matak hirup kana liang irungna, seug manusa teh ngajadi mahluk hirup.
2:8 Geus kitu GUSTI Allah ngadamel hiji taman di tanah Eden beulah wetan. Manusa teh dipernahkeun di dinya.
2:9 Mantenna ngajadikeun rupa-rupa tatangkalan nu aralus, jaradi di dinya jeung baruahan. Di tengah-tengah taman aya tangkal. Nu hiji tangkal kahirupan, nu hiji deui tangkal nu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng.
2:10 Eta taman meunang cai ti hiji walungan anu aya di tanah Eden. Ti beh girangna eta walungan nyagak opat.
2:11 Nu kahiji ngaranna Walungan Pison, ngocorna ngurilingan tanah Hawila,
2:12 kawentar ku emas murnina, wawangian kitu deui batu-batu mulya.
2:13 Nu kadua ngaranna Walungan Gihon, ngocorna ngurilingan tanah Kus.
2:14 Nu katilu ngaranna Walungan Tigris, ngocorna ka tanah wetaneun tanah Asur. Nu kaopat ngaranna Walungan Eprat.
2:15 Nya di dinya manusa dipernahkeunana teh ku GUSTI Allah, sina ngurus jeung ngajaga.
2:16 Timbalana-Na ka manusa, "Bubuahan tangkal nu mana bae di ieu taman, meunang didahar,
2:17 kajaba ti tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng. Eta buahna teu meunang didahar, sabab mun didahar, poe eta keneh maneh paeh."
2:18 GUSTI Allah ngandika, "Teu hade manusa hirup sorangan. Ku Kami rek dibere batur anu pantes, sina ngabaturan."
2:19 Tuluy Mantenna ngadamel sagala rupa sasatoan jeung rupa-rupa manuk tina taneuh, geus kitu sina daratang ka manusa tea. Mantenna palay uninga kumaha rek dingarananana eta sasatoan teh. Ku jalan kitu kabeh sasatoan teh sina baroga ngaran masing-masing.
2:20 Seug eta sagala rupa manuk jeung sasatoan teh ku manusa dingaranan. Tapi sahiji ge taya nu pantes geusan jadi batur hirupna.
2:21 Ti dinya eta manusa ku GUSTI Allah disina sare tibra. Sabot sare, tulang igana dicabut sahiji, ari urutna ditutupan ku daging.
2:22 Eta tulang iga ti lalaki teh diwangun sina mangrupa awewe, tuluy dibawa ka eta manusa.
2:23 Seug eta lalaki teh ngucap kieu, "Tah geuning, ayeuna mah aya anu sabangsa jeung aing. Tulangna asal ti aing, dagingna nya kitu keneh. 'Awewe' bakal disebutna, sabab asal ti lalaki."
2:24 Eta sababna, lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.
2:25 Boh nu lalaki boh nu awewe duanana taranjang tapi teu ngarasa areraeun.

Comments