Jakaria 4

4:1 Malaikat anu tadi cacarios ka sim kuring tea sumping deui, ngaguyah-guyah kawas ka anu sare, pok ngalahir,
4:2 "Aya naon nu katenjo?" Walon sim kuring, "Aya ajug emas. Di luhurna aya wadah minyak. Eta ajug aya lampuna tujuh. Unggal lampu aya tempat sumbuna tujuh-tujuh.
4:3 Kenca katuhueun eta ajug aya dua tangkal jetun."
4:4 Seug ku sim kuring ditaroskeun ka eta malaikat, "Kangge naon eta ajug teh, Juragan?"
4:5 Anjeunna malik mariksa, "Na teu nyaho?" "Henteu, Juragan," walon sim kuring.
4:6 (ay. 10b) Anjeunna ngalahir, "Lampu anu tujuh, eta ngagambarkeun soca PANGERAN anu paningalina parat ka sakuliah jagat."
4:7 (ay. 11) Sim kuring naroskeun deui, "Dupi dua tangkal jetun kenca katuhueun ajug, naon hartosna?
4:8 (ay. 12) Sareng naon hartosna dua dahan jetun anu di gigireun dua corong minyak jetun anu tina emas?"
4:9 (ay. 13) Anjeunna mariksa, "Na teu nyaho?" "Henteu, Juragan," walon sim kuring.
4:10 (ay. 14) Anjeunna ngalahir, "Eta ngagambarkeun dua jalma anu ku Allah dipilih jeung diistrenan jadi purah laladen ka PANGERAN, Gustina saalam dunya."
4:11 (ay. 6) Eta malaikat nimbalan, miwarang kaula nepikeun ieu sabda PANGERAN ka Serubabel. Sabda-Na, "Paneja maneh bakal laksana; lain ku karana kakuatan balad lain ku karana tanaga maneh sorangan, tapi ku karana Roh Kami.
4:12 (ay. 7) Kajeun halangan sagede gunung, disanghareupan ku maneh tinangtu musna. Bait Allah bisa diadegkeun deui ku maneh, sarta ana batu panungtung ku maneh geus merenah dipasang dina tempatna, jalma-jalma bakal tinggarero, 'Aduh, ku alus-alus teuing!' "
4:13 (ay. 8) Aya deui sabda PANGERAN ka kaula.
4:14 (ay. 9) Sabda-Na, "Serubabel geus masangkeun pademen Bait Kami. Eta kabeh bisa anggeus ku manehna. Upama geus anggeus, umat Kami tangtu yakin yen nya Kami anu ngutus maneh ka maranehna teh.
4:15 (ay. 10a) Maranehna tadina ngara kuciwa lantaran eta pagawean mimitina pohara kendorna. Tapi maranehna bakal narenjo Serubabel neruskeun ngadegkeun eta Bait Kami, hatena bakal sarenangeun."

Comments